Khutbah Jum’at Basa Sunda : Ma’na Maulid Nabi Muhammad SAW – Masjid Birrul Walidain YPMI Wanayasa

الْحَمْدَ للهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِأَنْفُسِناَوَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا. مَنْ يَهْدِ الله  فَلاَ مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ. أَشْهَدُ أَن لاَّ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا وَنَبِيَّنَا مُحَمَّدًا عَبْدُ اللهِ وَرَسُولُهُ . اللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَيْهِ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحابِهِ أَجْمَعِينَ، وَالتَّابِعِينَ لَهُمْ بإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ.

 أَمَّا بَعْدُ: فَيَا عِبَادَ اللهِ أُوصِيْكُمْ وَنَفْسِيْ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ اْلمُتَّقُوْنَ.

. قَالَ اللهُ تَعَالَى:هُوَ ألَّذِيْ أَرْسَلَ رَسُوْلَهُ بِالْهُدَى وَدِيْنِ اْلحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلىَ الدِّينْ ِكُلِّهِ وَكَفَى بِالله ِشَهِيْدً

Hadirin nu sami-sami miharep Ridho Alloh !

Saparantos urang nyandingkeun puji, ka Gusti Nu Maha Suci Alloh Robbul ‘Izzaty, nyandangkeun puja ka Nu Maha Kawasa Alloh ‘Azza Wa Jalla. Ngahaturkeun syukur ku pitutur, ka Alloh Robbun Ghofur, nu mana ku kersa Manten-Na urang sadaya tiasa ngalaksanakeun hiji amaliyah kawajiban saminggu sakali, nyatana ibadah sholat Jum’at. Tur, nya Mantenna pisan nu maparin mangpirang-pirang kanikmatan anu kacida seueurna, kalebet nikmat nu pangageung-ageung-na nyaéta ni’mat Iman sareng ni’mat Islam.

Sholawat miwah kawilujengan salamina ngucur ka jungjunan urang sadayana, nu salamina jadi panutan, tur jadi suri tauladan dina sagala tingkah sareng paripolah urang sadaya salaku umat Islam khususna, umumna umat Islam nu aya di sakuliah alam dunya, Nyatana Kanjeng Nabi Muhammad saw. ka kulawargina, para shohabatna tug dugi ka urang sadaya nu mudah-mudahan kalebet ka golong umatna nu jaga kénging Syafa’atul ‘Udzma. Amin ya Alloh Ya Robbal ‘Alamin.

Hadirin Rohimakumulloh !

Ayeuna urang nincak dina sasih anu ngandung sajarah, sabab dina sasih ieu pisan lahir hiji jalmi anu pinuji, nyatana Kanjeng Nabi Muhammad saw. anu namina tos dikenal di alam malakut saméméh diciptakeunna Nabi Adam as. Kitu, saur sapalih katerangan. Nu akibat lahirna kanjeng Nabi téh ngahiliwirkeun angin katiginan pikeun migusti pangéran nu sahiji nyaéta Alloh Robbul Izzaty. Nu akibat babar anjeunna nyambuangkeun hawa kasadaran pikeun manusa sangkan sadar, pasrah, sadar bari sumerah ka Alloh Jalla jalalah.

Nya Anjeuna pisan nu nyébor sagara keusik kajahiliyyahan ku cai kaimanan sareng katauhidan, sahingga manusa apal kana arti kamanusaan, tur apal ka saha nu kudu dijadikeun panangtayungan jeung tempat pananggéuhan, ogé ka saha nu kudu dijadikeun Pangéran.

Kaping 12 énjing-énjing dina dinten senen sasih Robi’ul Awwal, awal taun Gajah nu ka masyhur, Atanapi kaping 20 sasih April taun 571 masehi. Lamun ngaguar deui sajarah kahirupan kanjeng Nabi Muhammad saw. ti saprak anjeuna gubrag babar ka alam dunya, éstu pinuh ku kajadian nu kacida ahéngna anu minangka tanda kaistiméwaan-kaistiméwaan pikeun calon Nabi. tur minangka panyambutan kana babarna hiji manusa nu bakal jadi panutan.

Hiji manusa nu bakal jadi pamingpin nu paling suksés diantara para pamingpin nu aya di sakuliah alam dunya. Diantarana baé, nalika anjeunna babar datang hiji pasukan anu dipingpin ku hiji Raja nyatana Raja Abrahah, nu diabadikeun dina ayat Al-Qur’an surat Al-Fiil. Didieu dua sato nu di abadikeun ku Alloh dina ayatna, nyatana Gajah jeung Manuk Aba-biil. Tur ku tradisi Arab ieu hal téh dipercaya minangka mu’jizat nu kahiji diantara mukjizat nabi nu sanésna.

Kaahéngan nu sanésna dina mapag babarna Kanjeng Nabi Muhammad saw. nyaéta pareumna seuneu nu jadi sesembahan kaum Majusi di nagri Pérsia, ogé kaahéngan-kaahéngan sanésna, saperti sumujudna sakabéh makhluk nu aya di satungkebing langit satangkaraking jagat buana panca tengah nu minangka sujud kahurmatan, dugi ka daun nu ragrag tina dahan tangkal cicing ngajeten teu jadi ragrag antara dahan ka taneuh. Hal ieu nandakeun yén babarna kanjeng Nabi Muhammad saw. disambut ku panghurmatan nu kacida agungna.

Nu jadi pertanyaan pikeun urang sadayana ayeuna, naon nu kudu dicandak tur dijadikeun palajaran dina sajarah sasih Robi’ul Awal ieu, nu dilebetna aya sajarah agung, nyatana babarna panutan urang sadayana kanjeng Nabi Muhammad saw.?

Kukituna didieu urang sadaya kedah emut tugas naon Kanjeng Nabi Muhammad saw. di utus ka alam dunya. Mangga urang titénan kana ucapan nu sok sering diucapkeun ku para khotib atanapi para muballigh dina bubuka cacarita atanapi muqodimah boh khuthbah atanapi ceramahna, anu kalimatna nyaéta, Surat al-Fath : 28 ;

هُوَ ألَّذِيْ أَرْسَلَ رَسُوْلَهُ بِالْهُدَى وَدِيْنِ اْلحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلىَ الدِّينْ ِكُلِّهِ وَكَفَى بِالله ِشَهِيْدًا

“Nya anjeunna nu ngutus Rasul-Na, kalawan mawa pituduh jeung agama nu haq (bener), pikeun Anjeunna ngunggulkeun éta agama batan agama sakabéh agama-agama, jeung cukup Alloh nu jadi saksina”.

Didieu aya dua bekel/amanat nu jadi alat para Rasul kalebet Kanjeng Nabi Muhammad s.a.w dina ngajalankeun tugas karosulanana, jeung hiji tugas nu kudu dilaksanakeun.

Nu kahiji أَلْهُدَى  hartina pituduh. nyaeta tugas Nabi téh nuduhkeun ka manusa pikeun migusti pangéran nu sahiji ku kalimat لَاِإلَهَ إِلَّاالله  (Teu aya pangéran nu wajib disembah anging pangéran nu sahiji nyatana Alloh). Da hakékatna mah para Nabi jeung Rosul diutus téh, taya kajaba sami pikeun nuduhkeun kalimat Tauhid tadi. Hal ieu téh dina raraga ngélingan manusa supaya éling kana purwa daksi, nu baheula éta kalimat tauhid geus jadi ikrar sakumaha dina asal kajadian, apanan urang téh geus ariman tur geus be’at langsung dipayuneun Alloh Ta’ala, yén urang téh moal rék midua anjeun-Na, urang tos ikrar dina mangsa aya dina alam rahim nalika Alloh naros أَلسْتُ بِرَبِّكُمْ? urang saréréa ngajawab  َبلَى شَهِدنَا.

Maka ku sabab éta pisan perlu ayana pangéling-ngéling, nya Alloh ngirim/ngutus para rasul kalebet Rosululloh saw. sakumaha Dawuhan Alloh dina Al-Qur’an surat Adz-Dzariyat ayat 55:

وَذَكِّرْ فَإِنَّ الذِّكْرَى تَنْفَعُ اْلمُؤْمِنَيْنَ

“Bere pangéling-ngéling ku Anjeun (Muhammad) saéstuna pangéling-ngéling éta kacida aya manfa’atna pikeun jalma-jalma nu ariman”

Jadi, Ngalaksanakeun sagala nu dipépélingkeun atanapi nu di tuuduhkeun ku Kanjeng Nabi Muhammad saw. boh nu bentukna larangan atawa paréntah éta téh mangrupakeun wasilah atanapi cukang lantaran pikeun nagberesihkeun haté, jiwa jeung perasaan nu kacida gedé manfaatna. tah ku jalan urang ngalaksanakeun pepéling atanapi pituduh tegesna “أَلْهُدَى” nu sumpingna ti Kanjeng Nabi Muhammad saw. nu mangrupakeun alat pikeun ngaberesihkeun jiwa, maka urang bakal bisa balik deui kana kajadian awal urang tur bakal tepung nyaksian ‘Al-Haq” nyatana Alloh Ta’ala siga béheula.

Nu kadua, bekel nu dicandak téh nyaéta ” دِيْنِ اْلحَقِّ” (agama nu haq nu dipikaridho ku Alloh s.w.t), nyaeta agama Islam sakumaha dawuhan Alloh: “Innad-Diina ‘Indalloohil-Islaam” (saéstuna agama nu dipikaridho ku Alloh téh nyaéta Agama Islam).

Jadi ngan ukur agama Islam nu Haq, da hakékatnamah sadaya agama samawi nu diturunkeun ku Alloh sadayana ogé ajaran agama Islam ngan nami “Islam” di anggé ku nami agama nu dicandak ku Kanjeng Nabi Muhammad saw. tur mangrupakeun panyampurna agama-agama nu saméméhna. Malihan Alloh ngajelaskeun dina Dawuhan-Na-na وَمَنْ يَّبْتَغِ غَيْرَ اْلإِسْلاَمَ دِيْنًا فَلَنْ ُيقْبَلَ مِنْهُ…. (Jeung sing saha jalamana nu neangan agama salian ti agama Islam maka ku kami (saur Alloh) bakal di tolak tegesna moal ditarima).

Hadirin Rohimakumulloh !

Mangga urang sami-sami ngajaga bari ngalaksanakeun ajaran-ajaran agama Islam kalayan saleres-leresna. Mudah-mudahan urang kalebet golongan jalma-jalma nu dipikaridho ku Alloh ku sabab wasilahna urang sadaya jadi jalma nu Muslim bari ngalaksanakeun ajaran ka islaman, agama nu dipikaridho ku Alloh s.w.t. tur mudah-mudahan hidayah nu tos ngancik di diri urang mugia sing tetep ayana, dikuatkeun ku Alloh s.wt. Amin ya Alloh Ya Robbal ‘Alamin.

بارك الله لي و لكم في القرأن العظيم و نفعني و اياكم بما فيه من الأيات و ذكر الحكيم و تقبل مني و منكم تلاوته انه هو السميع العليم أقول قولي هذا واستغفر الله العظيم لي و لكم   .

 

Khutbah kadua:

اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ اِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَاَشْهَدُ اَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَاَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
اَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا اَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى
وَقَالَ تَعاَلَى اِنَّ اللهَ وَمَلآ ئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ اَبِى بَكْرٍوَعُمَروَعُثْمَان وَعَلِى وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلىَ ىيَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآءُ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ اَعِزَّ اْلاِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيَّةَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ اَعْدَاءَالدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَاوَاِنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.

عِبَادَاللهِ ! اِنَّ اللهَ يَأْمُرُنَا بِاْلعَدْلِ وَاْلاِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِى اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوااللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ اَكْبَرْ

 

Share this :

INFO PPDB ONLINE

Info PPDB Online

Informasi Penerimaan Peserta Didik Baru silahkan klik DISINI